Senin, 08 Agustus 2011

Seni dan Sastra

Anaking jimat awaking, mungguh hirup teu weleh aya cocoba, urang kudu silih elingan pikeun ngajalankeun ieu kahirupan kalayan hurip ngalakonana, najan sabenerna sadaya kahirupan urang geus aya guratna, geus aya takdirna. tapi lamun geus nagarasa cape.....atuh ulah dituluykeun kalah gering pikir jeung hate....meureun. tapi heug wae, mun rek diusahakeun tuluy mah, tapi urang ge kudu inget sagala nu teu puguh jungtruna ti awal, kumaha deui???? da manusa mah lain nabi nu kacida sabar tur ikhlas pikeun ngajalanan cocoba, bet manusa boga KASABARAN nu aya watesna. nu aya kalah katunggaraan jeung lara paheut nu matak peurih nepi ka hate teu bisa diubaran, da geus bingung ngubaranana.

Puguh oge lamun geus kaharti sagalana, manehna ngarti ka urang...duh... da ieu mah kalah jadi baruntak saawak-awak, kuring geus cape tapi na diri kuring embung aya kecap PISAH nu matak leuwih peurih...meureun. ulah nepi ka kecap PISAH kalah jadi bingung ka urangna. da urang nu ngajalanan, urang nu ngarasakeun pasti urang ge apal naon nu kudu dilakonanab pan? Duh...ulah lila teuing, bisi kalah jadi matak nu leuwih kana diri jeung nu aya disabudeureun urang. bet batur ge asa teu percaya lir urang iabarat "Properti"...kitu meureun ceuk kasarna mah, manehna asa aing, teu bersukur kana sagalanu geus kasampak ku manehna sorangan. bet ari keur butuh datang, tapi sakalina teu dicumponan kalah jebras-jebris teu puguh, kuduna manehna ngarti urang ge aya kacape mah....na....me3ni kabina-bina teuing, cenah asa disapirakeun...tapi asa piraku??? jalma mah teu weleh aya rasa lengiteun...meureun...tapi da nu ngarana jodo, rizki jeung pati mung anging Gisti Nu Uninga, tapi dari pada jadi LLEUMPEUH YUNI??? tapi nya langkung...tapi mun dipikir mun ningali manehna lalangse asa watir tapi bet ngulang jeung ngulang wae eta pasipatan teh. kuring ge asa teu percaya, bet ieu bisa kaalaman deui??? ieu kitu jalan hirup kuring??? tapi da dina diri kuring geus dipaheutkeun yen hirup kudu tuluy dilakonan ku rasa KASADRAHAN...da geus kieu meureun...Duh Gusti...............